Desa karangasem
Hiji carita anu asalna ti salah sahiji
wewengkon nu aya di Kabupaten Majalengka.
Moal bireuk deui ku urang Majalengka mah,
nya éta wewengkon Désa Karangasem.
Naon pangna éta tempat téh disebut karangasem? Kieu caritana;
Sateuacanna jadi Desa nu sapertos nyampak katenger ayeuna,
ieu wewengkon téh baheulana mangrupa leuweung anu kaasup kana
Kerajaan Galuh Pakuan anu dikawasa ku Ratu Galuh. Desa karangasem mangrupakeun
bahagian ti Desa Heuleut nu mangrupa lahan
kosong nu teu kaurus. Ngan sababaraha warga anu cicing di dinya jeung masih loba
sato liar. Ku sabab jauh ti pusat desa jadi kurang diperhatoskeun, anu balukarna warga
hayang ngadegkeun desa sorangan. Di kokojoan ku Buyut Gedong, warga ngadatangan
kuwu pikeun ménta widi érék ngadirikeun
desa sorangan tapi Kuwu Desa Heuleut nolak,Buyut Gedong teu kapok datang deui tapi
tetep baé ditolak.
Ku sabab teus- terusan ditolak, Buyut Gedong ngadatangan Camat Leuwimunding.
Ahirna dipasihan widi tapi nganggo sababaraha sarat nya éta kudu aya 70 kulawarga heula.
Ku sabab kahayang warga anu sakitu gedéna maranéhna ngusahakeun pikeun
nyumponan pasaratan ti Pak Camat ku cara nikahkeun putra-putrina sareng nganuhunkeun ka sakur anu liwat supaya daék cicing di dinya. Mangtaun-taun usaha ngumpulkeun warga, ahirna bisa nyumponan éta pasaratan pikeun ngadegkeun desa sorangan. Ku sabab pupuhu warga dinya Buyut Gedong jadi Buyut Gedong
dijadikeun Kuwu Desa Karangasem nu kahiji.
Sanajan geus bisa ngadirikeun desa sorangan aya
hiji masalah nya éta acan ayana aran pikeun ngaran desa anu anyar éta.
Di Dukuh Kidul aya tangkal asem, anu anéh gedéna kira- kira diameterna 8 m.
anu akarna mangrupa guha (sédong) anu kira-kira asup kana sababaraha jalma kurang leuwihna 5 jalma.
Hareupeun guha akar akar asem éta aya karang anu lega anu beresih tina daun
asem anu marurag sanajan teu aya nu nyapuan. Tina kaanéhan éta,
dijadikeun ngaran Karangasem anu hartina karang nya éta tempat anu lega,
asem nya éta tangkal asem. Jadi Karangasem nya éta karang anu lega anu aya tangkal asem anéh.
Ayeuna piekun nangtukeun batas-batas wilayahna Buyut ménta ngaduruk leuweung Karangasem, sapareumna éta seuneu
éta anu jadi wilayah Karangasem.
Beulah kalér batesna Desa Garawangi,
Beulah wétan batesna Desa Heuleut,
Beulah kidul batesna Desa Patuanan,
Beulah kulon batesna Desa Buniwangi.
Kabiasaan warga karangasem unggal taun sok ngayakeun hajat Munjung ku
acara tahlilan di tempat karamat.
Jeung diayakeun Bongkar Bumi lamun érék ngamimitian turun ka sawah érék melak paré. Biasana diayakeun hiburan Wayang Kulit jeung Tari Topéng.
Aya sababaraha tempat di Desa Karangasem anu dipercaya ku warga ngabogaan
pangaruh di kahirupan saréréa dianatarana nya éta Muka Datar
anu hartina taneuh anu rata,
ceuk béja carita baheula di Muka Datar éta pernah dikubur alat-alat gamelan jeung wayang anu dipiboga ku Buyut Dipa Candra jeung sataun sakali gamelan éta sok kasada pikeun ngahindaran,
warga sok ngayakeun salametan anu rutin supaya sora-sora gamelan éta henteu kadéngé deui. Salain ti muka datar aya hiji tempat deui anu dianggap karamat, karamat ieu mangrupa kuburan anu
ceuk béja carita baheula aya salah sahiji warga anu keur gering datang ka tempat karamat éta, manéhna ngaku ti Rajagaluh ngakuna jalma beunghar jeung terhormat.
Tapi sateuacanna warga karamat nganteurkeun ka Rajagaluh jalma éta tilar dunya jadi dibéré ngaran Nata Perlaya anu dihartiekun jelema anu terpandang nu tilar dunya.
Tapi wallahu alam éta mah ngan dongéng tapi sampé ayeuna téh karamat mah masih di rawat.
di kutip dari :
sesepuh karangasem

Tidak ada komentar:
Posting Komentar